lirik.web.id
a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z 0 1 2 3 4 5 6 7 8 9 #

lirik lagu doel sumbang – panutan rasa

Loading...

panutan rasa lyrics
wanoja nu panggih harita
duka saha, duka urang mana
adu teuteup ukur saliwatan
tapi matri na ati kapapanjangan

kabayang~bayang, kudu ka mana néang?
kaimpi~impi, kudu ka mana milari?
rumasa gandrung kapidangdung
ngalanglayung, teu sidikna gering nangtung

ukur bisa ngadu’a
neda kanu kawasa
mugi aya rido~na
pendak deui jeung manéhna

cunduk waktu ninggang mangsa
bagja dijaba du’a
tepung jeung pauntan rasa
di tasikmalaya

di wahana alam parung tasikmalaya
jadi wanoh ngawalan carita cinta
di wahana alam parung tasikmalaya
deukeut raket, geugeut dugi ka ayeuna

ukur bisa ngadu’a
neda kanu kawasa
mugi aya rido~na
pendak deui jeung manéhna
cunduk waktu ninggang mangsa
bagja dijaba du’a
tepung jeung pauntan rasa
di tasikmalaya

di wahana alam parung tasikmalaya
jadi wanoh ngawalan carita cinta
di wahana alam parung tasikmalaya
deukeut raket, geugeut dugi ka ayeuna


Lirik lagu lainnya:

LIRIK YANG LAGI HITS MINGGU INI

Loading...